Tuesday, November 3, 2009

TANAH SUNDA ‘78

Kawih tingtrim nu kamari
Suling jeung jentreng kacapi
Haleuang pakusarakan galindeng bujang jeung lanjang
Kiwari geus ilang musna
Geus sirna tilem ku mangsa

Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapangan
Pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari

Aheng keneh dongeng sabrang
Datang ti peuntas lautan

Deudeuh tanah gumelar
Ti taun ka taun kalantar


Hikmat Sadkar
Garut, 1978.


*tina kumpulan sajak pun bapa suwargi..Srangenge Sore

No comments:

Post a Comment