Aya nu ngaguguyah tengah peuting
Kuring lilir - tapi weleh taya nu ngajirim
Sada aya sora-sora palebah kamar mati
Saperti lengkah-lengkah nu rek nyabut pati
Angen ratug tutunggulan
Boa ayeuna kudu ngucapkeun : Pileuleuyan
Najan diri geus pasarah, sirna sakumna nu dipimelang
Najan panto hate geus dipeundeutkeun tina sagala katineung
Bet aya kapanasaran tinggaleun
Can ngabakti ka Nu Hiji
Nu remen disapirakeun
Ya Rabbi
Rumasa diri tambelar
Sok ngumbar kahayang sasar
Aya nu ngaguguyah waktu langit bray-brayan
Kuring lilir - tapi tetela aya jirim
(dibaju bodas dikukudung bodas)
bari uluk salam : Wilujeng Enjing !
Hikmat Sadkar
Garut, 1975.
Direvisi 1987
*ieu sajak pun bapa suwargi waktos sim kuring dirawat di rumah sakit*